Wednesday, November 21, 2012

bobodoran

-Nguseup
hiji waktu, aya tournament ngusep sa-kota garut, di tempat pendaftaran ahli-ahli tukang ngusep saling ngobrolkeun pangalaman maranehanana, tapi dina sakian loba nu ahli,aya 3 tukang ngusep nu rada adigung saling ngajagokeun upan maranehanana

Mang jajang: umpan nu paling hade mah, nya nu urang,karek ge asup kanu balong, teu sabaraha detik ku laukupanurang langsung disantok

mang oka: etamah teu sabaraha, nu kuringmah, umpan keur di pasangkeun kanu usep, eta lauk ting laloncat ka luhur sabari ngomong “mang burukeun eta umpan!!!!”

mang dadang: beu… sakitumah cetel keneh, yeuh saking hadena upan kuring,mun tiap minggu kuring ngusep, poe sabtuna lauk ti sababaraha tempat geus daratang ka imah kabehanana ngomong “mang tong hilap enjing ngusep ka balong abdi!!!”
hehe...

-buleud jeung bunder
 si udin : jang, uing boga tatarucingan,
gede mana antara BULEUD jeung BUNDER?
si ujang: teuing atuh?
si udin : nya gede keneh bunder atuh.
si ujang: enya kitu?
si udin : enya atuh, pan aya paribasa diteureuy buleud
kuring mah can pernah ngadenge diteureuy bunder
hartina bunder leuwih gede, apan can aya anu bisa
neureuyna,
si ujang: ah maneh mah ngarang

- Isti
Sakali waktu dikarumpulkeun sakumna warga nu aya di kampung Bojong Ocon. Pok, nu dianggap Pupuhu didinya nyarita ka sakumna Bapa-bapa warga di eta pilemburan nu geus ngarumpul dihiji lapang.
Pupuhu :
Hey sakalian warga kami, cing kami hayang nyaho.. saha diieu lembur nu teu sieun ku pamajikan. Nu teu sieun ku pamajikan, pindah ka kenca.. Nu Sieun ka katuhu…!!
( Atuh eta mah breng teh kabeh ka katuhu.., Berarti sarieun tah, kabeh ku pamajikan. Ngan aya hiji nu teu pindah.. Tah, wanian ieu mah yeuh, gerentes eta Pupuhu)
Pupuhu :
Naha mah geuning teu pindah? Kawasna maneh mah teu sieu nya ku pamajikan..?
( Ceuk eta Pupuhu ka salasaurang wargana nu teu pindah tempat )
Warga Nu teu pindah pok ngajawab,
Warga : Duka , da dipiwarang ku Pun bojo………
(bari paromana siga nu teu ieuh -ieuh)
Pupuhu : Eeeh…, enya sia kabeulah ditu…!!!

-Kedul
  Bu Guru = Adun kunaon poe senen teu sakola?
Adun = Punten bu, margi lancinan abdi diseuseuh jadi abdi teu sakola, margi abdi mung gaduh lancinan sakola hiji2na.
Bu Guru = Ari poe salasa kunaon teu sakola deui?
Adun = Abdi angkat bu ka sakola, namun waktos ngalangkung ka bumi Ibu guru, abdi ninggal anggoan seragam ibu dipoekeun, abdi uih deui margi pasti ibu guru mola sakola da anggoan nana di poekeun.
Bu Guru = ??????????? dasar ngedul!!!!
 -Cita-cita
Di Hiji sakolaan kelas 4 esde, Pa Jajang keur nanya tentang cita2 ka sakur murid2na
di absen saurang saurang titah kahareup.
Dodi : “”abdi mah mun toz ageung hoyong jadi dokter..!!!!!”"
Pa jajang : “”Alus pisan..sae sae..”"
Odang : “”abdi mah mun toz ageung hoyong jadi Presiden…!!”"
Pa jajang : “” hebat hebat….”"
Nunung : “” abdi mah mun toz ageung hoyong jadi suster….”"
Pa jajang : “” Nya alus sae..sae…”"
Siti : “” abdi mah mun toz ageung hoyong gaduh anak anu lucu “”
Pa jajang : “” wah alus pisan …eta cita2 anu mulia…bagus ..bagus..”"
Wawan : “” abdi mah mun toz ageung hoyong pisan ngabantu cita2 Siti, nyieun
anak anu lucu…!!!!”"
Pa jajang : “” Emh..Emh..????????!!!!!!!!!!”"
Atuh Geur salerea saleseurian…………….

-Tukang beca
Aya saurang mahasiswi naek beca, dina palebah pudunan mahasiswi eta katingalina siga anu araringgis palaur ngajuralit kusabab eta beca beuki lila beuki tarik wae ngaluncurna.
Bari tipepereket eta mahasiswi ngomong ka tukang beca :
Mahasiswi : “Mang kade mang…lalaunan atuh, abdi sieun…!!!”
Tukang beca : “Kalem Neng….!!!”
Jawaban si tukang beca lainna nyieun eta mahasiswi jadi tenang, kalakah beungeutna sepa beuki pias…salian beuki tarik eta beca ngaluncurna gudal gadil kakenca tur ka katuhu.
Mahasiswi : “Geus ah…eureun mang…eureuuuunn…ampuuuunnn….!!!”
Tukang beca : “Tenang Neng…!!!”
Mahasiswi : “Rek tenang kumaha…!!!??….abdi sieun…!!!”
Tukang beca : “Tenang we Neng…pami Neng sieun sok Peureum….siga abdi ayeuna ge Mamang keur Peureum…!!!”
Atuh si Neng Mahasiswi jadi ngoceak maratan langit.
Mahasiswi : “Aaahhh….Emmaaakkk…ampuuunnn…tuluuuuuungggg…..!!!”

-Si Rahul
 Hiji poe si Rahul nungtun anjing,ngaliwatan jalma gelo, ….
nu gelo :..”euy monyetna alu pisan euy”
Si Rahul : Dasar nu gelo “cing deuleu atuh..aing mah nungtun anjing…..”
nu gelo.. : Sha nu ngomong jeung sia dan aing mah ngomong jeung anjing….”

No comments:

Post a Comment